Rabu, 10 April 2013

Visi Misi Sundawani



KASANG TUKANG
Dina ngigelan kamajuan jaman jeung ngaronjatna masalah eksistensi urang Sunda kiwari. ngadegna Paguyuban Sundawani tangtuna ngabogaan tangtungan jeung udagan kana ajen inajen pikeun ngeukeuhkeun , nguatkeun jeung mageuhan deui duduluran dina masalah patekadan keur kamajuan urang Sunda.
Medalna Paguyuban Sundawani dumasar ku ayana greget nu jolna tipara dulur jeung babaturan nu ngarasa
yen urang Sunda geus asa jadi semah di imah sorangan, hariwang jati kasilih ku junti Ngaran Paguyuban Sundawani lain diartikeun saukur wani dina pangarti anu lain tapi wani dina pangartian anu jembar gumantung dina naon anu jadi ka ahlianna sewang sewangan, da geuning wani mah mangrupakeun konci dina sagala rupa keur ngamimitian pagawean jadi Paguyuban Sundawani nyaeta
sakumpulan urang Sunda anu boga kawani


TANGTUNGAN
Ajeg panjeg babarengan dina bebeneran nu dibarengan ku gantar Alif nu muntang ka Gusti nu Maha Agung tur anu Maha Jembar pikeun ngahudangkeun deui kasadaran sakabeh kumpulan urang Sunda pikeun aub gumulung ngahiji keur mapag Sunda kiwari, jangler hate jembar dada keur muru poe nu pinuh harepan.

LENGKAH
Rempug jukung sauyunan rampak gawe babarengan dina neruskeun tatapakan baheula nu diguar dina nilai-nilai kearifan lokal keur titincakan ayeuna ku cara nga implementasikeun dina basa jeung ebrehna,
ucap jeung lampahna keur lengkah kiwari. Nilai-nilai kearifan lokal Sunda teu tinggaleun ku jaman ! lantaran geus disebutkeun dina naskah-naskah baheula yen urang Sunda bisa ngigelan jaman ,ngindung ka waktu ngabapa ka jaman, dina kiwari ngancik bihari, kukituna Paguyuban Sundawani rek pok pek prak ngalengkahkeun nu sahade-hadena pikeun
ngigelan jaman kiwari.
leu lengkah tangtuna baris harmonis ngadu maniskeun sauyunan nu disaluyukeun jeung pamarentah.


USIK
Usik, rincik, nyaliksik bari ngahiap uar pangajak ka sakumna urang Sunda, nunyunda, nu reueus kana Kasundaana kasaha wae jeung dimana wae pikeun nepikeun jeung nepakeun yen urang Sunda ngabogaan
potensi anu leuwih ti batur, Ngadata jeung nganjang silaturahmi, gawe bareng lintas sektoral ka lembaga-lembaga : Kamasyarakatan, tokoh-tokoh masyarakat , tokoh agama, paguron-paguron, group-group Automotif, seniman, budayawan,
ormas, okp, jeung sajabana. Motekar jeung rancage bari milu aub ulubiung dina sagala bidang : Ekonomi, Pendidikan, Kesehatan,
Keamanan, Lingkungan, Seni, Budaya jeung sajabana.

UDAGAN
Revitalisasi karakter Sunda, bangga jadi urang Sunda, budaya lokal salaku asset bangsa nu teu dipikaboga
ku bangsa sejena.
Ngaronjatkeun sumber daya urang Sunda nu tangguh jeung profesional nu dumasar dina budaya pikeun
ningkatkeun citra jeung komarana Urang Sunda. Ngamekarkeun apresiasi jeung partisipasi generasi muda salaku proses budaya secara proposional . Ngawujudkeun Jawa Barat khususna jadi propinsi anu punjul di Nusantara, kum na urang sunda dimana wae
sangkan nanjer dina sagala pangabisana.. Kasang tukang, Tangtungan, Lengkah, Usik jeung Udagan na Paguyuban Sundawani teu kaluar dina Aqidah.
UUD45 jeung AD. ART Paguyuban. leu udagan teh bisa kahontal kucara naratas jeung natarkeun masyarakat Sunda anu panceg sabeungkeutan ngahanca pancen dina tekad sareundeuk saigeul, berjamaah keur ngaping, ngajaring, ngariksa, dina
ngajaga duduluran.
Mangka cunduk kana waktu, cindeuk kana mangsa, mangka jaya dibuana lain saukur tungguaneun tapi
sampeureun.
Mangka manggung jeung tandang dina pakalangan lain isukan tapi dimimiti ti poe ieu, rek iraha deui ari lain
ayeuna, rek kusaha deui ari lain ku urang-urang !

Pun, saestuna panjen kami rek nyumkeumkeun aci ning asih ka lemah cai .

POSTINGAN NU LAINNA AYA DI HANDAP:

Comments
0 Comments
Facebook Comments by ZOCT@NET

0 komentar:

Posting Komentar